Dialek ciamis, dialek Bogor & dialek Sumedang

Postingan kahiji, simkuring nyoba nulis artikel ngenaan dialek-dialek daerah sunda.
dianatarana dialek Ciamis, dialek Bogor jeung dialek Sumedang.
dina postingan ieu, dileungkeupan oge ku hartina jeung perbandingan basana.





No DIALEK CIAMIS
HARTINA
1 babarik tingkeb
2 betan goreng
3 dangan babari
4 dongke cerewet pisan
5 dora papangge
6 enok piring leutik
7 gancang oge lempang teh sing gancang atuh
8 gebok tolombong
9 kateuang kikir
10 kikiping tetebeng
12 naeum naon
13 ngadaun limus heuras pakokolot
14 ngiruh kalakuan goreng
15 pahinun ubar anu di inum
16 pane dulang
17 papangge golodog
18 parako para seuneu
19 rumab teu damang
20 sanaeun sabarahaeun
21 sulutu surutu
22 sumindal cucunguk
23 tolendjeng sambel teu ditarasian

dialek sunda ieu dicutat tina :





sumber : P.P No.5-6. th.IV

Mei-Djuni 1926 k.69

redaksi : Pusaka Sunda




Disusun ku aki sauni

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Dialek bogor jeung Sumedang bag.3

DIALEK BANTEN